Description
Darengekeun! Zaman bakal ganti deui, tapi engke, lamun Gunung Gede anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna eta ratu? Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang.
Reviews
There are no reviews yet.